Nulis Basa Sunda teu gampang. Diksi nu aya di otak abdi, ngan sakitu2na. Sigana leuwih gampang nulis ku Basa Indonesia, atawa Inggris, meureun. (Da Inggris mah bisa ningali kana kamus. Basa sunda mah hese milarian kamusna).
.
Nyobian nulis manual dina buku. Tos jadi, teu pede bisi ngaco. Langsung enggal2 diketik, dicopy, dikirimkeun ka Ibu Guru @sri guntari, nu lulusan Sastra Sunda meles.
.
Hatur nuhun bu Nci, tos kersa ngedit sangkan teu ngisinkeun ieu puisi dipublish. Hehehe..

Dina foto, versi asli sateuacan diedit master.
.
***
Milang Tanggal, Miceun Sono
.
.
Tuh tingali sagara
Ombakna terus gugupay
mapaykeun kalakay
Nu teu bosen diilikan
Unggal poek unggal ngempray
.
Tah sawang gunung nu ajeg nangtung
Pasak eurih teu eureun ngawih
Iber pikeun balerea
Rupa wanci nu teu bubuk kasaring ati
.
Prak tempo eta curucud ibun
Dina panon sakolebatan
Ngagalaksak kana rungkad
.
Poe ieu
Masih keneh
Kuring milang tanggal, miceun sono
Nu teu gedag kaubaran
Sanajan parantos tepang
.
*ummusagara, 27 Maret 2017
7 komentar:
Opo ikiiiiii
Hahaha.. Roaming ya mbak, maapkan. Tapi ini susah banget nulis ini mbak, aseli :D
Hahaha.. Roaming ya mbak, maapkan. Tapi ini susah banget nulis ini mbak, aseli :D
Bunda kita sama-sama USA😁
Urang sunda asli. Yeah! :D
Urang sunda asli. Yeah! :D
Urang sunda asli. Yeah! :D
Posting Komentar