Sunda; Basa Asing Keur Pribumina

gambar kenging ti Google

Tos lami hoyong nulis nganggé Basa Sunda téh. Rumaos hésé sareng teu aya katiasa, mung pami teu usaha, moal aya hasilna.
.
Wengi tadi sim kuring maca status nu maké Basa Sunda, janten kasuat-suat. Hoyong ngelingan keur sorangan, sukur-sukur aya babaturan nu ngiringan.
.
Prak geura titénan, atawa sebatan. Saha waé nu di bumi murangkalihna nyarios Basa Sunda? Sigana mung hiji dua anu ngacung. Tapi Alhamdulillah sim kuring mah sareng Pun Lanceuk masih keneh nganggé Basa Sunda pami ngajak ngobrol budak, sanajan sakapeung sok kacampuran ku Basa Indonesia.
.
"Lucu aya budak alit nyarios Sunda." Kitu pan pok uwana Sagara nu ti Bogor manakala ngaregepkeun éta budak nuju nyarita. Naha dugi ka kituna? Siganamah ku jarang-jarangna jaman ayeuna budak nyarios basa Sunda.
.
"Aa mau kemana?" Taros hiji tatangga ka Sagara. Tuh, nganggé Basa Indonesia deui wae.
"Bade ka warung." Ku budak ditembal nganggé Sunda.
"Mau beli apa?"
"Mésér susu anu biru."
"Mau atuh, boleh minta?"
"Henteu."
Tungtungna indungna nu gereget, " Ka Sagara mah nyariosna Sunda waé, Kang." Dikitukeun mah, nembé nyambung frékuensina sareng budak.
.
Sim kuring rumaos teu tiasa nyarios Sunda leres. Rumaos kasar da digedékeun di lingkungan nu nyalariosna kitu ayana. Komo deui kana undak usuk basa, jauh nonggéng ka langit. (Ieu gé ngarang, duka leres duka henteu).
Ngan aya kénéh kahariwang, ieu Basa bakal punah.
.
Urang Sundana waé tos alim nyarios Sunda, jadi saha nu bakal ngajaga tur ngawariskeun ka turunanana? Tuh, tengetan urang Jawa. Sanajan di Jakarta, ari sareng baladna mah uplek weh nyarios Basa Jawa. Naha ari urang Sunda?
.
Aya nu kantos ngobrol ka pegawai Yogya atanapi Indomaret ngangge Basa Sunda? Pasti nyariosna Indonesia.
"Mbak, detergent sebelah mana, ya?"
"Di rak ketiga dari ujung."
Kitu pan? Naha kudu "Mbak"? Naha kudu ku Basa Indonesia? Da yakin sim kuring mah, eta nu nanya jeung ditanya teh, nu hiji moal jauh ti urang Cikole, nu hijina urang Cihideung.
.
Sanés anti kana basa persatuan. Keun da basa Indonesia mah, teu diajaran gé budak bakal bisa nyalira. Tapi pami Basa Sunda teu diajarkeun ti alit, yakin tos sakola moal tiasa. Pangalaman ningali guru Basa Sunda menteun ulangan, nilaina teu tebih ti nilai opat. Kumaha teu opat, da budak ayeuna mah moal apal mana nu di sebut langseng, boboko, atawa aseupan?
.
" Bu ,neranginnya jangan pakai Basa Sunda, gak ngerti." Pok barudak sok protes manakala sim kuring nerangkeun IPA tapi maké Basa Sunda.
"Tah, kusabab hidep teu diajarkeun Basa Sunda di bumi, sok di sakola ku ibu ajarkeun sakedik-sakedik." Tembal sim kuring bari heuay.
.
Tos ah, sakitu. Tuh budak Sunda nu diobrolkeun tadi tos gugah, gegeroan milarian ummina.
.
#SapoeSatulisanTapiTosDuaPoeNgahutang

Read Comments

2 komentar:

Bakul Daster mengatakan...

Adduuuh mani reseep, bodor seger pinter bageur cageur# halah ngomong naon ieu teh xixixi. Pokona mah sae pisan lah ieu tulisan :)

Nodiwa mengatakan...

Bisakah diterjemahkan? Ndak ngerti Bahasa Sunda, aku hehe

Posting Komentar

 

Copyright © 2008 Designed by SimplyWP | Made free by Scrapbooking Software | Bloggerized by Ipiet Notez | Blog Templates created by Web Hosting Men